Sony Xperia XA1 Dual SIM - Mastikeun alat Anjeun dijagi

background image

Mastikeun alat Anjeun dijagi

Alat anjeun nyertakeun sababaraha pilihan kaamanan, disarankeun pisan upami aya

kaleungitan atawa kamalingan.
Pilihan ieu nyaeta:

Nyetel konci layar aman dina alat Anjeun make PIN, kecap akses, atawa pola pikeun

nyegah jalma sejen nyetel ulang alat Anjeun.

Tambah akun Google™ pikeun nyegah jalma sejen pikeun nganggo alat Anjeun upami

dipaok atawa dipupus.

Aktipkeun ladenan web “Tangtayungan ku my Xperia” atawa Manajer Alat Android™.

Nganggo salah sahiji ladenen ieu, Anjeun tiasa ti jarak jauh manggihan lokasi, ngonci,

atawa mupus alat nu leungit.

Mariksa kepemilikan alat Anjeun

Fitur tangtayungan nu tangtu perlu muka konci layar ku PIN, kecap aksés, pola, atawa

tulis inpo akun Google™. Di handap ieu aya sababaraha fitur perlindungan sareng

sababaraha kredensial nu diperlukeun:

Tangtayungan

Reset Data Pabrik

Anjeun kudu muka konci layar samemeh Anjeun diidinan ngalakukeun

Reset Data Pabrik.

Tangtayungan my

Xperia

Upami Anjeun ti jarak jauh ngareset alat Anjeun make ladenan ieu,

Anjeun kudu nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo

akun Google™ nu dikaitkeun sareng ladenan eta. Alat kudu

disambungkeun ka internet samemeh proses panyetelan tiasa di

rengsekeun. Upami heunteu, Anjeun moal bisa make alat Anjeun

saatos direset.

Manajer Alat

Android™

Upami Anjeun ti jarak jauh nga-reset alat Anjeun make ladenan ieu,

Anjeun kudu nuliskeun ngaran nu make sareng kecap akses kanggo

akun Google™. Alat kudu disambungkeun ka internet samemeh

proses panyetelan tiasa di rengsekeun. Upami heunteu, Anjeun moal

bisa make alat Anjeun saatos direset.

Ngalereskeun

software

Upami Anjeun make software Xperia™ Companion keur ngalakukeun

perbaikan software, Anjeun dipenta nuliskeun nami nu make sareng

kecap akses akun Google™ Anjeun basa Anjeun ngamimitian alat

saatos perbaikanna rengse.

Kanggo Manajer Alat Android™, diperlukeun pikeun nulis inpo ti akun Google™. Ieu tiasa akun

Google™ nu mana wae nu tos Anjeun setel dina alat sabage nu boga. Upami Anjeun teu bisa

nyadiakeun inpo akun nu sasuai basa proses panyetelan, Anjeun moal bisa make alat eta

sama sekali.