Sony Xperia XA1 Dual SIM - Nampa telepon

background image

Nampa telepon

Upami Anjeun nampa telepon asup basa alat dina modeu sare atawa layar keur kakonci,

aplikasi telepon muka dina pormat layar pinuh, ikon SIM nunjukkeun kartu SIM nu aya

telepon asup. Lamun Anjeun narima telepon asup pas layar aktip, telepon asup bakal

dipintonkeun jadi bewara ngapung, nyaeta, jandela leutik nu ngapung diluhureun layar

naon wae nu keur muka, SIM1 atawa SIM2 nunjukkeun kartu SIM nu aya telepon asup.

Basa bewara ieu datang, Anjeun tiasa milih pikeun ngajawab telepon sareng muka layar

aplikasi telepon, atawa Anjeun tiasa nolak telepon tur tetep di layar nu ayeuna.

Cara ngajawab telepon basa layar keur teu aktip

Upami telepon asup, sered ka katuhu.

Cara ngajawab telepon asup basa layar keur aktip

Upami telepon asup, dina bewara awal nu nembongan di luhur layar, ketok

JAWAB.

Salain ngajawab telepon, Anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok luhur

di jandela bewara awal. Mun make metode ieu, Anjeun bisa meunangkeun leuwih seueur

pilihan pikeun ngatur telepon. Contona, anjeun bisa milih jang nampik telepon maké talatah.

Cara nampik telepon basa layar teu aktip

Upami telepon asup, sered ka kenca.

Cara nampik telepon basa layar aktip

Upami telepon asup, dina bewara awal nu nembongan di luhur layar, ketok

TAMPIK.

Salain ngajawab telepon, Anjeun tiasa muka layar aplikasi telepon utama ku cara ngetok di

jandela bewara bagean luhur. Make cara ieu Anjeun bisa meunangkeun leuwih seueur pilihan

pikeun ngatur telepon. Contona, anjeun bisa milih jang nampik telepon maké talatah .

70

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Sahiji sauran anu asup

Sawaktos anjeun nampa telepon, pencet kenop polumeu.

Nampik telepon ku talatah teks

Anjeun bisa nampik telepon ku talatah teks, talatah otomatis dikirim ka nu nelepon tur

disimpen dina Paguneman talatah jeung kontak eta.
Anjeun bisa milih tina sababaraha hiji talatah nu geus jadi dina alat Anjeun, atawa Anjeun

bisa nyieun talatah anyar. Anjeun oge bisa nyieun talatah nu luyu jeung kahayang Anjeun

ku cara ngedit talatah nu geus jadi.

Cara nampik telepon ku talatah teks upami layar teu aktip

1

Lamun aya telepon asup, ketok

PILIHAN JAWABAN.

2

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara nampik telepon ku talatah teks upami layar aktip

1

Upami aya telepon asup, ketok jandela bewara bagean luhur nu ngambang nu aya

nomer telepon atawa ngaran kontak nu dipinton.

2

Ketok

PILIHAN JAWABAN.

3

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara nampik telepon kadua ku talatah teks

1

Sawaktos Anjeun ngadenge suara bip eta terus-terusan salami keur nelepon,

ketok

PILIHAN JAWABAN.

2

Pilih talatah siap pake atawa ketok

Tulis talatah anyar.

Cara ngedit talatah teks nu dipake pikeun nampik telepon

1

Tina

Layar mimiti anjeun, ketok .

2

Teang teras ketok

Setelan > Telepon, pilih kartu SIM, terus ketok > Tampik

telepon make talatah.

3

Ketok talatah nu Anjeun hoyong edit, teras jieun perobahan nu diperlukeun.

4

Ketok

OKE.