
Pamasangan
Alat Anjeun ngan ngarojong kartu SIM nano. Kartu SIM nano jeung kartu memori boga
slot nu misah dina alat nu sami. Pastikeun anjeun teu bingung ngabedakeunna.
Jang nyegah leungit data, pastikeun Anjeun mareuman alat atawa cabut kartu memori saacan
Anjeun muka panahan jang nyabut kartu SIM nano (atawa kartu) atawa kartu memori tina alat.
7
Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

Keur asupkeun dua kartu SIM nano jeung kartu memori
Ulah teukteuk kartu SIM anjeun, contona make peso atawa gunting, sabab ieu bisa ngaruksak
alat anjeun.
1
Nganggo kuku ramo, betot laci kartu SIM nano.
2
Teundeun rada kenceng kartu SIM utami (SIM 1) dina orientasi nu bener dina
posisi (1), sapertos nu aya dina gambar.
3
Teundeun rada kenceng kartu SIM tambihan (SIM 2) dina orientasi nu bener dina
posisi (2), sapertos nu aya dina gambar.
4
Asupkeun kartu memori dina orientasi nu bener dina liang kartu memori sapertos
nu aya dina gambar.
5
Pencet rada laun tempat balik ka slot dugi ka pas dina layar.
Cara nyabut kartu SIM nano
1
Jeung layar ngadep ka handap, buka jeung betot wadah kartu SIM nano make
kuku ramo.
2
Cabut kartu SIM nano, teras pencet rada laun tempat balik ka slot dugi ka pas
dina layar.
Pikeun nyabut kartu memori
1
Pareuman alat Anjeun.
2
Jeung alat nyanghareup ka handap, sered ka luar panutup wadah kartu SIM nano.
3
Lalaunan pencet jeung cabut kartu memori, teras pencet rada laun tempat balik
ka slot dugi ka pas dina layar.